Selasa, 17 Januari 2012

dongeng,carpon, jeung nove


PANGANTER
            Puji sinareng sukur panyusun sanggakeun ka Alloh SWT anu parantos ngamparkeun ni’mat nepi ka jantenna ieu makalah kanggo nyumponan tugas  Pendidikan Bahasa Daerah anu judulna “Prosa : Dongeng, Carpon, Novel”. Kalihna ti eta, teu hilap salam kawilujengan mugia ginuluran ka jungjungan urang sadaya Kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargana, ka para sohabatna, tur lelebaranana gubrag ka urang sadaya nu umangken umatna.
            Maksad tina nyusun ieu makalah nyaeta nyumponan tugas pendidikan bahasa daerah sareng sarana latihan jeung panyusun kanggo ngadamel makalah anu leuwih mernah dina kahareupna.
            Panyusun nyadar yen dina panyusunan ieu makalah teh teu weleh aya wae bangbaluh nu karandapan ku panyusun, dina perkara kirangna buku sumber, margi mung ku pangersa-Na, sareng katut karep panyusun anu kuat sareng bimbingan ti saparakanca ieu makalah tiasa rengse sanajan jauh ti sampurna.
            Pamungkas, nu nyusun ieu makalah rumaos masih sisip ku pangarti, ku kituna panyusun kacida nganti-nganti boh saran boh kritik, sangkan ieu makalah teh leuwih munel sakumaha nu dipiharep ku urang sadaya. Nu nyusun ieu makalah teu weleh miharep sangkan sasieureun sabeunyeureun ieu makalah teh bisa mere mangpaaat keur saparakanca.

                                                                         Sumedang,  September 2011

                                                                                       Panyusun 

BAB II
Pedaran
            Prosa teh nyaeta basa nu dipake sapopoe (basa lancaran) anu teu kabengkeut ku patokan. Prosa dibagi deui jadi dua bagean nyaeta :
1.       Prosa Buhun/heubeul :
Dongeng
Prosa buhun ngahasilkeun dongeng, majar ceuk basa kiratana mah ngabobodo budak cengeng, lantaran eusi dongeng loba hal anu pamohalan teu kaharti ku akal upamana nyaritakeun : jalema bisa ngapung, sato bisa ngomong, jalema anu teu lumrah, nyaritakeun sasakala, jeung sajabana.
Dongeng kaasup kana carita rekaan (fiksi), sanajan eusi dongeng loba nu teu kaharti ku akal, tapi gegedena mah dongeng teh ngandung picontoeun jeung atikan.
Dongeng geus jadi milik balarea (carita rayat) dongeng sumebar ku jalan tatalepa, dongeng di dongengkeun, didongengkeun deui, kitu terus terusan.
Numutkeun palaku jeung eusina, dongeng aya sabaraha rupa :
a.        fabel
fabel, nyaet dongeng anu nyaritakeun sato bisa ngomong bisa lumampah cara jelema malah make aya rajana sagala.
Contona dongeng fabel : Sakadang Peucang, Kuya jeung Monyet, Si Utun jeung si Uca, Peucang jeung Tutut, Jst.
b.       Legenda (sasakala)
Lagenda nyaeta dongeng anu nyaritakeun asal usulna kajadian : hiji tempat, barang sasatoan, atawa tutuwuhan.
Contona dongeng sasakala : Gunung Tangkuban Parahu, Gunung Tampomas, Situ Bagendit, Situ Gede, Talaga Warna, Sanghiang Tikoro, Si Jagur, jeung Sasakala Nini Anteh.
c.        Mitos/Mite
Mitos atawa mite, nyaeta dongeng anu eusina patali jeung kapercayaan jelema kana bangsa lelembutan (mistik).
Conto dongeng mitos/mite : Nyi Roro Kidul, Kuntilanak, Nyi Pohaci Sangiang Sri Dangdayang Tresmawati, Lutung Kasarung, Pusaka Ratu Teluh, Munjung, jeung Burak Siluman.
d.       Parabel
Parabel, nyaeta dongeng nu eusina nyaritakeun kahirupan jalma. Conto dongeng parabel : Si Kabayan, Abu Nawas, Pa Mohalan,Si Cabol, Kiansantang, Syeh Abdulmuhyi, jst.
e.        Sage
Sage, nyaeta dongeng anu eusina ngandung unsur sajarah. Conto dongeng sage : Prabu Siliwangi, Ciung Wanara, Carita Parahyangan, Sajarah Ambia, Sajarah Banten Rante, jst.

2.       Prosa anyar :
Karya sastra anyar dina wangun prosa mangrupa :
a.      carita pondok
b.     novel
c.      roman
a.       Carita Pondok
Carita pondok anu sok disingket jadi carpon dina sastra sunda nyaeta  karangan rekaan (fiksi) dina wangun lancaran atawa prosa. Istilah pondok ieu teh upama carpon dibandingkeun jeung novel anu sarua papada carita dina wangun prosa. Ukuran pondok teh kira-kira 5-10 kaca majalah. Kajadian anu dicaritakeun dina carita  pondok ilaharna museur lana kajadian utama, atuh galur (jalan) caritana oge heunteu rea pungkal pengkol cara dina novel. Kitu deui cara palaku anu ngalakonkeun cukup kuduaan atawa tiluan bae. Malah teu saeutikcarpon anu palakuna ngan saurang. Ilaharna pangarang sok ngagunakeun palaku “kuring atawa “manehna”.
Unsur-unsur atawa ciri-ciri carpon nyaeta :
a.        Palaku,  
Palakuna teh jalema biasa, lain jalema pamohalan anu bisa ngapung, bisa ngaleungit, jst.
b.       Latar
Latar nyaeta tempat anu jadi bahan carita mangrupa tempat kahirupan manusa sapopoe.

c.        Galur
Galur nyaeta rakitan (struktur) kajadian nu aya dina carita, anu kaalaman ku tokoh carita. Galur carita disebut oge plot,nyaeta salah sahiji unsur nu ngawangun hiji carita.
Galur teh aya sababaraha rupa, diantarana : galur maju, galur mundur,jeung galur campuran. Galur maju nyaeta runtuyan kajadian nu keur kaalaman ku tokoh carita harita keneh. Galur mundur nyaeta runtuyan kajadian nu kaalaman ku tokoh carita dina mangsa baheula. Ari dina galur campuran mah, tokoh carita teh ngalaman kajadian ayeuna jeung mangsa baheula  dina hiji runtuyan kajadian.
d.       Tema
Tema teh nyaeta bahan carita estu museur tina kahirupan jalma sapopoe nu jadi inti tangtungan carita anu sipatna teh abstrak.
Carita pondok umumna sok dimuat dina surat kabar, tabloid, jeung majalah. Pangarang carpon dina nyuguhkeun caritana ka anu maca make sabaraha cara diantarana :
1.       Marele (ngaruntuy)
Nu maca dikenalkeun ku anu ngarang ka anu boga lalakon (palaku), katut imah pakarangana, indung bapana, anakna, dulurna, lemburna, asal usulna kabeh dikenalkeun ka anu maca.
     Biasana anu disusun marele teh karangan-karangan baheula (buhun), upamana bakal kapanggih dina buku Rengganis, Mahabrata, Ciung Wanara, jst.
2.       Bobok tengah
Karangan anu dibobok tengah mah geus tara make bubuka, tara make ngawawuhkeun heula nu boga lalakon, ieu mah torolong bae, nu maca jol-jol aya di tengag lalakon.
     Sakapeung mah lalakon teh asa can anggeus, nutupkeun carita mah nu maca kudu ngira-ngira, mapantes, atawa disisiga ku anu maca sorangan.
     Contona carita anu dibobok tengah : Baruang kanu Ngarora, Gogoda kanu Ngarora, Rahasiah Geulang Rantay, Laleur Bodas.
3.       Mangnyaritakeun
Dina cara mangnyaritakeun, leunjeuran carita teh heunteu dicaritakeun ku nu ngarang, tapi ku jalma katilu.
     Nu ngarang teh nyaritakeun sawatara jalma, tuluy ieu jalma nu dicaritakeun teh nyaritakeun carita, boh pangalamana, pribadina, boh pamondokanana, boh dongen batur deui.
     Anu jadi lulugu mah, dongeng anu didongengkeun deui atawa carita anu dicaritakeun ku jalma ka tilu tea.
     Conto buku anu make mangnyaritakeun : Munjung karangan Moh. Ambri, Nunumbuk Disue, karangan Moh. Ambri.
4.       Pandeuri ti heula
Dina karangan pandeuri ti heula, nu ngarang ngamimitian ti tungtungna, geus beh luhur, kakara dibalikeun puhuna (awalna), nepi ka carita teh siga anu patepung gelang.
     Jadi pangarang teh nyaritakeun heula “buntutna” atawa ahir tina lalakon. Conto bukuna : Pependeman Nabi Sulaeman, jeung buku “Salju Kilimanjaro”.
b.       Novel
Sarua jeeung carpon novel oge marupakeun karangan rekaan (fiksi) dina wangun lancaran atawa prosa, anu ngabedakeun novel jeung cerpen teh nyaeta caritaan anu leuwih panjang biasana nepika sabuku atawa leuwih, jeung deui dina novel mah nu ngarang bisa laluasa nyaritakeun kajadian latar atawa watek-watek palaku, aya sababaraha hiji galur anu ngabentuk caritanna. Sarua jeung carpon, novel oge ngawengku unsur-unsur : tema, galur, palaku, jeung latar.
Eusi carita dina novel rupa-rupa pisan, nempo tina eusina novel bisa dibagi-bagi jadi :
1.     Novel Sajarah
Novel sajarah, nyaritakeun anu aya hubunganana jeung kajadian anu aya dina sajarah. Nu kaasup kana novel sajarah diantarana : Pangerang kornel, Mantri Jero, supati, robert anak Surapati, Carita Parahyangan,Jst.
2.     Novel Ditektif
Novel ditektif nyaritakeun anu matak pikasieuneun, piratugeun hate, jeung nimbulkeun kapanasaran anu maca. Conto-conto buku nu kaasup kana novel ditektif : Rahasiah Gelang Rantay, Pepedeman Nabi Sulaeman, Diarah Pati, Laleur Bodas, Kalajengking, Si Bedog Panjang, Jsb.
3.     Novel Barudak
Novel barudak teh nyaeta novel anu ditulisna keur bacaeun barudak. Conto novel barudak upamana : Nunggul Pinang Babalik, Pikir, Jatining Sobat, Pulo Karang, Jsb.
4.     Novel Perjoangan
Novel perjoangan caritana ngandung salah sahiji perjoangan upama bae dina perjoangan : Kayakinan politik, Nyebarkeun Agama, Ngarombak Sistem Feodal, Jsb.
Conto novel perjoangan upama : Salah Atikan, Gogoda Kanu Ngarora, Jsb.
5.     Novel  Asmara
Dina novel asmara, anu nonjol teh bab tresnaningsih (kecintaan) antara awewe jeung lalaki. Conto novel asmara upamana : Roro Mendut, Rengganis, Lain eta, Tresnasena jeung Nyi Putri Sedih Asih, Jsb.
6.     Novel Ilahar
Novel ilahar nyaritakeun kajadian di masyarakat sapopoe, sarta ku anu ngarang oge heunteu di aneh-aneh. Conto noovel ilahar : Munjung, Awak Ruksak Banda Beak, Enden Siti, Jsb.
7.     Novel Rumaja
Novel rumaja, nyaeta novel anu nyaritakeun kahirupan rumaja. Conto novel rumaja : Sri Panggung, Wilujeng Enjing, Asmara Ngambah Sagara, Jsb.
Anu nyaruakeun novel jeung roman teh nyaeta sarua aya dina papada prosa anyar, jeung nyaritakeun sawatara jalma kalawan carita anu sawajarna atawa sahinasna. Sarua diwangun ku unsur-unsur : tema, galur, latar, jeung palaku.
Anu ngabedakeun antara novel jeung roman heunteu wae aya dina panjang pondokna carita eta. Atawa dina jumlah kecap nu aya dina novel atawa roman. Ieu tabel anu ngajentre bedana novel jeung roman.
no
unsur
Roman
novel
1.
galur
kompleks
kompleks
2.
konflik
Ngubah nasib palaku

3.
Panjang caritaan


4.
Watek palaku






    








 
           
           
           


Tidak ada komentar:

Poskan Komentar